Hiji mangsa panon poe geus balik
kana kandang. Nyalita jalma-jalma anu caricing di dekeut Situ Tamiang nu aya di
Desa Padalaksana geus arasup ka imahna masing-masing. Tapi mahiwal ari Mang
Jalil jeung Mang Kuswa mah, maranéhna masih kénéh ngaheurap di Situ Tamiang.
Sigana teu ngarasa bosen atawa hayang panggih jeung kaluwargana di imah.
Manéhna ngagerendeng, “Duh Mang
Kus, ieu lauk kamarana nya? Geus 2 jam leuwih kuring ngaheurap can hiji-hiji
acan nu asup kana koja.” Ceuk Mang Jalil ka Mang Kuswa.
“Enya euy Mang, tah geura tempo
koja nu kuring ogé sarua can aya laukan? Kumaha mun ayeuna ngaheurapna rada ka
tengah? Sugan laukna keur ngarumpul di tengah-tengah situ” Témbal Mang Kuswa.
“Enya bener ogé. Ké heula atuh
Mang, kuring rék ngala tangkal tamiangna heula jeung nyieun géték.” Ceuk Mang
Jalil.
Tuluy
Mang Jalil téh ngalaan tangkal tamiang, jeung daun tamiangna dilayahkeun.
Maranéhna nyieun géték nepi ka anggeus. Teu lila deui ti gétek geus jadi,
beuleuyeung baé maranéhna mangkat ka tengah-tengah situ. Teu sabar, Mang Jalil
gancang ngaheurap da pasti didinya laukna loba.
Geus
satengah jam, can meunang kénéh baé laukna.
“Geuning di tengah-tengah ogé teu meunang lauk
nya? Sugan laukna baroseneun di heurap ku urang.” Ceuk Mang Kuswa.
Nya mereunan baé, unggal poé maranéhanana
ngaheurap di Situ Tamiang éta anu kasohor angkerna. Pamajikan Mang Kuswa téh
sabenerna mah geus ngalarang salakina sangkan ulah ngaheurap baé di Situ
Tamiang éta. Ngan, salakina anggeur baé ngaheurap didinya. Pamajikanna ngadéngé
carita ti tatanggana anu matak muringkak bulupunduk. Cénah mah sok aya awéwé
anu geulisna siga bidadari disaung, manéhna biasana cénah sok nyadiakeun
dahareun jeung saha baé anu ngaheurap di situ. Ngan, nu pernah ngaménéhan
saukur Bi Engkus.
Sarua pamajikan Mang Jalil ogé,
manéhna geus ngalarang salakina sangkan teu ngaheurap didinya deui, mending géh
néangan pagawéan anu séjén dari pada ngaheurap dinu tempatna nu matak keueung.
Di hiji mangsa pamajikan Mang Jalil
pokna nyarita, “Kang, ari wengi Cici sok teu genah manah. Akang tong ngaheurap
di situ deui, Cici mah ngarasa hariwang ka akang. Tos mening ngiring macul waé
ka Pa Haji Junéd. Supados Cici aya nu ngaréncangan ari wengi téh.”
“Ci... macul mah teu unggal poé, éta
mah pagawéan anu mumusiman. Geus Cici ulah loba pikiran, akang ngan bisa ngaheurap
wungkul jang ngabiayaan kahirupan urang.” Mang Jalil ngomongan pamajikanna.
“Duuhh... akang Cici mah hariwang
ka akang. Cici sieun akang ka bengbat ku istri anu geulisna kawas bidadari nu
sok aya di situ.” Cici ngarangkul salakina, Mang Jalil.
“Hah... naon Ci, awéwé anu geulisna
siga bidadari??? Akang nu geus lila ngaheurap didinya teu pernah panggih awéwé
anu siga bidadari. Ceuk saha Ci?” Mang Jalil kagét ngadéngé pamajikanana ngomong
kitu.
“Hapunten akang, Cici kenging wartos
ti Bi Engkus anu sok ngala daun tamiang di sisi situ. Bi Engkus sok ningal
istri nu geulis eta nuju nyadiakeun tuangeun di saung, ka saha waé nu nuju ngaheurap
di saung. Leres kitu kang?” Cici bari nyepeng taktak Mang Jalil.
Mang Jalil ngadadak ngahuleng teu nyora
deui, molongo
