Salah sahiji
pahlawan ti sunda anu ageung jasana dina bidang atikan, nyaėta ibu Radėn Dėwi Sartika. Radėn Dėwi Sartika lahir dina
tanggal 4 Dėsėmber 1884 di Bandung. Moal aya nu bireuk ka Radėn Dėwi Sartika mah sabab
anjeuna tėh
pahlawan sunda nu bajoang dina widang atikan. Ibuna jenenganana tėh Nyi Raja Permas, ari
ramana nyaėta Radėn Somanagara. Boh ibuna
boh ramana duanan ogė
tedak mėnak sunda
anu nyekel kakawasaan di Tanah Ukur.
Sanggeus ramana pupus, Radėn Dėwi Sartika pindah ka Cicalėngka. Didinya anjeuna di
rorok ku kapiramana, raka ibuna anu jeneng patih Cicalėngka. Salila di Cicalėngka, anjeuna mah
mindeng ka sakolaan. Ari murid-muridna tėh
nyaėta barudak
kusir, budak babu, budak koki di kapatihan, jsb. Teu wudu matak ribut, da jaman
harita mah kasebut anėh
amun aya barudak turunan cacah nu bisa maca jeung nulis tėh. Komo deui ieu mah nu
ngajaranna ogė Radėn Dėwi Sartikaanu umurna karėk manjing 10 taun.
Dina mangsa
rumaja ,Radėn Dėwi Sartika tėh pindah deui ka Bandung.anjeuna
gancang ngadeuheusan ka bupati Martanagara,tunggal kapiramana kėnėh. Pangna ngadeuheusan tėh taya lian iwal ti
hayang diidinan pkeun muka sakola awėwė. Kabeneran tarėkah Radėn Dėwi Sartika tėh tinemu hasil. Nya dina
tanggal 16 januari 1904 ngadeg sakola awėwė anu munggaran di
Indonesia, ėta
sakola tėh ngarana
sakola kautamaan istri lila sakola kautamaan istri teh beuki mekar waė.Antukna di sakabėh kota kabupatėn nu aya di tanah Sunda
geus ngadeg Sakola Kautamaan Istri.atuh Radėn
Dėwi Sartika beuki
kamashur baė.Urang
lembur ogė apaleun
kana ngaran Radėn Dėwi Sartika mah.Tah,dina
taun 1929 pamarėntah
walanda mėrė hadiah ka Radėn Dėwi Sartika.Ari hadiahna
tėh nyaėta gedong sakola modern
anu di ngaranan “Sakola Radėn
Dėwi” di sagėdėngeun ti ėta,Radėn Dėwi Sartika ogė di bėrė panghargaan bėntang pėrak,jeung
di angkat jadi Raidder in Deranye Nasaude.
Saenggeus
leuwih ti 40 taun bajoang dina widang atikan,Radėn
Dėwi Sartika di
pundut kunu Rahayu. Kira wanci pecat sawed,dina usum halodo,pancegna dina tanggal
11 September 1947,Radėn
Dėwi Sartikapupus
di pangungsian,nyaeta di Cinėam
Tasikmalaya.Tah,harita pisan urang sunda kaleungitan pahlawan wanoja tėh.

0 komentar:
Posting Komentar