menjadi orang yang di butuhkan oleh banyak orang.. :)

MISTÉRI SITU TAMIANG





Hiji mangsa panon poe geus balik kana kandang. Nyalita jalma-jalma anu caricing di dekeut Situ Tamiang nu aya di Desa Padalaksana geus arasup ka imahna masing-masing. Tapi mahiwal ari Mang Jalil jeung Mang Kuswa mah, maranéhna masih kénéh ngaheurap di Situ Tamiang. Sigana teu ngarasa bosen atawa hayang panggih jeung kaluwargana di imah.
Manéhna ngagerendeng, “Duh Mang Kus, ieu lauk kamarana nya? Geus 2 jam leuwih kuring ngaheurap can hiji-hiji acan nu asup kana koja.” Ceuk Mang Jalil ka Mang Kuswa.
“Enya euy Mang, tah geura tempo koja nu kuring ogé sarua can aya laukan? Kumaha mun ayeuna ngaheurapna rada ka tengah? Sugan laukna keur ngarumpul di tengah-tengah situ” Témbal Mang Kuswa.
“Enya bener ogé. Ké heula atuh Mang, kuring rék ngala tangkal tamiangna heula jeung nyieun géték.” Ceuk Mang Jalil.
            Tuluy Mang Jalil téh ngalaan tangkal tamiang, jeung daun tamiangna dilayahkeun. Maranéhna nyieun géték nepi ka anggeus. Teu lila deui ti gétek geus jadi, beuleuyeung baé maranéhna mangkat ka tengah-tengah situ. Teu sabar, Mang Jalil gancang ngaheurap da pasti didinya laukna loba.
            Geus satengah jam, can meunang kénéh baé laukna.
 “Geuning di tengah-tengah ogé teu meunang lauk nya? Sugan laukna baroseneun di heurap ku urang.” Ceuk Mang Kuswa.
Nya mereunan baé, unggal poé maranéhanana ngaheurap di Situ Tamiang éta anu kasohor angkerna. Pamajikan Mang Kuswa téh sabenerna mah geus ngalarang salakina sangkan ulah ngaheurap baé di Situ Tamiang éta. Ngan, salakina anggeur baé ngaheurap didinya. Pamajikanna ngadéngé carita ti tatanggana anu matak muringkak bulupunduk. Cénah mah sok aya awéwé anu geulisna siga bidadari disaung, manéhna biasana cénah sok nyadiakeun dahareun jeung saha baé anu ngaheurap di situ. Ngan, nu pernah ngaménéhan saukur Bi Engkus.
Sarua pamajikan Mang Jalil ogé, manéhna geus ngalarang salakina sangkan teu ngaheurap didinya deui, mending géh néangan pagawéan anu séjén dari pada ngaheurap dinu tempatna nu matak keueung.
Di hiji mangsa pamajikan Mang Jalil pokna nyarita, “Kang, ari wengi Cici sok teu genah manah. Akang tong ngaheurap di situ deui, Cici mah ngarasa hariwang ka akang. Tos mening ngiring macul waé ka Pa Haji Junéd. Supados Cici aya nu ngaréncangan ari wengi téh.”
“Ci... macul mah teu unggal poé, éta mah pagawéan anu mumusiman. Geus Cici ulah loba pikiran, akang ngan bisa ngaheurap wungkul jang ngabiayaan kahirupan urang.” Mang Jalil ngomongan pamajikanna.
“Duuhh... akang Cici mah hariwang ka akang. Cici sieun akang ka bengbat ku istri anu geulisna kawas bidadari nu sok aya di situ.” Cici ngarangkul salakina, Mang Jalil.
“Hah... naon Ci, awéwé anu geulisna siga bidadari??? Akang nu geus lila ngaheurap didinya teu pernah panggih awéwé anu siga bidadari. Ceuk saha Ci?” Mang Jalil kagét ngadéngé pamajikanana ngomong kitu.
“Hapunten akang, Cici kenging wartos ti Bi Engkus anu sok ngala daun tamiang di sisi situ. Bi Engkus sok ningal istri nu geulis eta nuju nyadiakeun tuangeun di saung, ka saha waé nu nuju ngaheurap di saung. Leres kitu kang?” Cici bari nyepeng taktak Mang Jalil.
Mang Jalil ngadadak ngahuleng teu nyora deui, molongo
bari nempo kaluar. Mikiran kajadian sababaraha poé katukang. Manéhna pernah ngadahar dahareun nu aya di saung jeung Mang Kuswa. Tapi, Manéhna teu apal saha nu nyadiakeun eta dahareun teh. Ingét manéhna jeung Mang Kuswa ngarasa lapar, beteungna geus nyora ting kurubuk jeung deui can aya lauk nu kaheurap nya jadi baé dahareun nu aya di saungna didahar. Dahareun anu kacida ngeunahna.
“Akang....!!! kunaon cicing waé di taros ku Cici téh? Leres nya akang pernah ngadahar dahareun anu aya di saung? Walér atuh akang panaros Cici téh.” Cici keheul pisan ka salakina.
Mang Jalil anggeur baé ngalamun, terus nginget-nginget kajadian anu sababaraha poé ka tukang.
Cici ngarasa keheul pisan, cémburu carita namah. Rasa hariwang Cici ka Kang Jalil malah nambahan. Cici hariwang Kang Jalil téh bogoh ka awéwé nu geulis éta. Maklum baé atuh, pangantén anyar anu minggu kamari karék distrénan. Nya keur haneut-haneutna mun peuting di kamer aya nu nangkeupan mah.
Ujug-ujug wae si Cici ngabantingkeun panto sakatarikna. Di koncian éta panto téh, manéhna ngadon ceurik di kamerna bari nangkeup guguling.
Mang Jalil ngetrokan panto, ménta di bukakeun rék ménta pangampura. Tapi tetep teu dibukakeun.
“Ci... Cici... buka atuh pantona, hampura akang. Hampura pisan, teu aya maksud nanaon akang mah.”
Ti jero kamer, éta si Cici cicing baé teu némbalan-némbalan.
***
Sababaraha jam Mang Jalil ngadon diuk bari ngahuleung di luar imah, ngadagoan Cici mukakeun panto. Da manéhna ngarasa salah ka pamajikanana.
Kira-kira aya sajaman mah Mang Jalil ngahuleng di luar imah, ari kitu katempo Mang Kuswa keur leumpang ngaliwat imah manéhna.
“Eh... Mang Kus rék kamana geuning wayah kieu kaluar imah?” Mang Jalil nanya ka Mang Kuswa.
“Ieu Mang rék ka situ, asa hayang ngaheurap euy.” Témbal Mang Kuswa.
“Teu salah yeuh mang wayah kieu? Teu biasana Mang Kuswa mangkat ka situ jam 11 peuting.” Mang Jalil ngarasa aya nu anéh.
“Geus hayu mang urang ka situ, sugan mun wayah kieu mah laukna meunang loba.” Mang Kuswa ngajak Mang Jalil.
Mang Jalil cicing sakeudeung, manéhna keur mikir. Kumaha carana pupulih ka pamajikanna, sedengkeun pamajikanna keur ambek ka manéhna.
“Heuy... Mang Jalil kumaha milu teu? Kalah molongo geuningan.” Mang Kuswa anéheun.
“Keheulaan kuring rék bébéja heula ka pamajikan. Soalna pamajikan kuringna keur ngambek Mang. Kumaha nya?” Mang Jalil ngarasa bingung.
Tuluy Mang Jalil nyobaan deui ngetrokan panto kamer si Cici. Manéhna rék bébéja heula, sugan can saré.
Tok.... Tok.... Tok.....
“Ci... tos saré acan? Meunang teu akang rék ka situ jeung Mang Kuswa?” Mang Jalil nanya ka pamajikanna bari rada gogorowokan.
            Angger  si Cici teh teu daék némbalan. Sakitu geus diketrokan panto kamerna ku salakina sababaraha kali ogé.
Tuluy Mang Jalil nyamperkeun deui Mang Kuswa bari pok nyarita, “Duh... Mang Kus jigana kuring mah teu bisa milu ka situ, da si Cicina teu némbalan.”
“Geus ké ku kuring diolo pamajikanna manéhna.” Bari léos nyamperkeun ka kamer.
Tok... Tok... Tok... (sora leungeun Mang Kuswa keur keketrok panto kamerna si Cici)
“Ci, ieu Mang Kuswa. Wios teu Kang Jalilna angkat ka situ jeung kuring?” Tanya Mang Kuswa.
Rada lila éta teu aya sora ti kamerna si Cici.
“Tuh Mang, ceuk kuring ogé naon. Si Cici keur ngambek ka kuring. Moal di témbalan masing kumaha ogé.” Mang Jalil méré tanda, manéhna moal milu ka situ.
            Ari pas Mang Kuswa keur mikir kumaha carana ngolo si Cici, ujug-ujug si Cici némbalan.
“TEULANGKUNG AKANG WAÉ LAH.......!!!!!!!!”
Mang Jalil pak jénghok ngadéngé pamajikanna ngagorowok ti kamerna. Mang Jalil nambah pusing, di imah pusing si Cici ngambek, hayang ka situ ngan can meunang réstu.
“Geus Mang, ari kuring geus bébéja mah moal nanaon. Da apaleun si Cici na ogé manéh mangkat jeung kuring.” Ceuk Mang Kuswa bari rada maksa.
            Teu mikir panjang deui, Mang Jalil ahirna kapancing ku pangajak Mang Kuswa. Beuleuyeung baé étah Mang Kuswa jeung Mang Jalil téh ka situ.
            Ramé étah di jalan téh ku sora hareureuyna jalma 2 éta. Biasa da jalma 2 éta mah geus jiga sadulur, kamana-mana ogé babarengan.
“Heuy Mang Jalil rék kamana euy peuting-peuting kieu téh? Tuh batur mah geus sararé mereun, ari Mang Jalil kalah ngumbar kénéh.” Tanya Ki Soléh.
“Eh... Geuning aya Ki Soleh. Ieu Ki kuring jeung Mang Kuswa téh rék ka situ. Sugan ari wayah kieu mah meunang laukna loba, Ki.” Témbal Mang Jalil.
“Hah, Mang Kuswa??? Mana Mang Kuswana??? Aya titadi ogé aki mah nempo manéh leumpang sorangan baé. Ari manéh sugan gundam tah?” Ki Soléh anéheun.
“Pan ieu nu di gigireun kuring téh Mang Kuswa Ki. Sugan panon aki tos teu normal tah Ki?” Celetukan Mang Jalil.
            Ki Soléh ngarasa aneh nempo Mang Jalil kalah sura seuri bari nempo ka gigir.
“Kunaon Ki geuning kalah molongo kitu? Nya enggeus atuh Ki kuring rék ka situ heula.”
            Léos baé Mang Jalil téh leumpang deui. Manéhna ngarasa anéh bari mikir, maenya Ki Soleh teu nempo Mang Kuswa nu aya di gigireunna?
Keur ngeunah-ngeunah leumpang, kira-kita 200 méter ti imahna Mang Jalil, ngarasa ngambeu seungit kembang malati.
“Mang Kus, ngambeu seungit kembang malati meuni nyegrak teu?” Tanya Mang Jalil ka Mang Kuswa.
“Ahh.. henteu, éta mah rarasaan manéh baé mereun tadi ka bawa ku omonganna Ki Soléh.” Ceuk Mang Kuswa.
“Duh maenya Mang teu ka ambeu? Tapi cénah ari malem juma’ah kaliwon sok ka ambeu seungit kémbang ti dekeut situ” Mang Jalil ngarasa panasaran.
“Mereun, kuring mah teu nyaho ah! Geus hayu gancang leumpangna.” Jawab Mang Kuswa.
            Kira-kira 15 menit leumpang, nepi ogé maranéhanana ka situ. Maranéhanana ngaluarkeun pakakas nu biasana digunakeun ari keur ngaheurap.
Geus 3 jam maranéhanana ngaheurap tapi kakara meunang saeutik. Mang Jalil ujug-ujug ngajak balik, manéhna inget ka pamajikanna nu keur ngambek.
“Mang gues ah kuring mah rék balik.” Ceuk Mang Jalil
            Mang Kuswa can némbalan, léos baé Mang Jalil téh mérésan pakakas tuluy balik sorangan, ari Mang Kuswa mah anggeur di situ.
            Pas keur leumpang rék balik Mang Jalil ngarasa sieun da éta téh malem juma’ah kaliwon, manéhna teu biasana ngaliwat ka kebon tamiang sosoranganan tengah peuting. Manéhna lumpat éta tarik pisan ngarah téréh nepi ka imah.
            Nepi ogé Mang Jalil ka imahna. Pamajikanna teu hudang-hudang di gegero ogé. Ahirna Mang jalil saré na korsi luar. Kakara sakerejép mereun Mang Jalil saré, geus kadéngé sora hayam jago kongkorongok, tandaning poé anyar geus datang. Pamajikanna can kénéh baé mukakeun panto, Mang Jalil géh saré deui da rumasa manéhna cape jeung ngarasa tunduh pisan.
            Mang Kuswa jeung pamajikanna rék indit ka sawah, tapi basa nempo Mang Jalil saré hareupeun imah dina korsi, maranéhna ereun bari tuluy pok nanya, “Heuy Mang Jalil hudang geus beurang. Kunaon geuning saréna di luar? Si Cicina kamana?”
            Burulak burileuk mata Mang Jalil téh, da rumasa tunduh kénéh. Golebag deui saré kana korsi.
“Eh... Mang Jalil hudang euy. Si Cici kamana? Ieu kuring aya perlu ka manéhna.” Ceuk pamajikan Mang Kuswa.
            Kuniang hudang Mang Jalil téh.
“Heuy.. Heuy aya naon geuning isuk-isuk kadarieu? Oh enya Mang Kus, peuting meunang loba laukna? Hampura nya kuring balik tiheula. Tuh ayeuna ogé saré di luar Mang.” Ceuk Mang Jalil.
“Heh... ari manéh gundam tah naha? Saha nu geus ngaheurap kuring mah keur peuting aya di imah.” Mang Kuswa pulunga polongo, da teu rumasa manéhna ngaheurap peuting tadi.
“Ari Mang Jalil kunaon atuh? Mang Kuswa mah aya di rorompok nuju wengi mah teu kamana-mana.” Pamajikan Mang Kuswa ogé bingungeun naon maksud Mang jalil ngomong kitu.
“Nu beneur atuh Mang Kus? Kuring keur peuting jam 11-an disampeur ku Mang Kuswa di ajak ka situ ngaheurap. Peuting tadi si Cici téh keur ngambek ka kuring, jadi nepi ka ayeuna ogé teu di bukakeun panto.” Mang Jalil ogé jadi bingungeun.
“Teu ah Mang Jalil, ngimpi mereun. Kuring aya baé di imah.” Ceuk Mang Kuswa.
“Duh... nu bener?????? Terus nu tadi peuting jeung kuring saha atuh?” Mang Jalil bingung sorangan. Keur kitu Mang Jalil ujug-ujug lumpat ninggalkeun Mang Kuswa, manéhna rék ka Situ mastikeun kajadian anu keur peuting, bisi aya kénéh urut ngaheurap. Basa nepi ka situ, katempo aya jalma nu keur diuk. Kacirina mah jiga Mang Kuswa. Tuluy ditanya, “Heuy, Mang Kuswa pan tadi téh aya di imah kuring, geuning geus aya didieu deui baé téréh teuing?” Mang Jalil ngajénghok nempo rupa Mang Kuswa.
Nu kaciri jiga Mang Kuswa keur diuk téh ujug-ujug jadi awéwé nu geulisna kawanti-wanti endah kabina-bina, moal aya nu nyaruaan kajeun wanoja nu aya di désa atawa di kota ogé. Awéwé éta maké baju anu jiga déwi-déwi nu sok aya dicarita sinetron téa.
Mang Jalil kagét, tuluy lumpat. Mang Jalil téh ngajauhan éta awéwé. Basa keur lumpat, éta awéwé ujug-ujug aya di hareupeun Mang Jalil. Beuki rewas Mang jalil téh, manéhna ngajerit.
“Aaaaaaaaaaaaaaaaaaaa tulung-tulung.... tulungan kuring.” Bari lulumpatan nu tungtungna labuh di handapeun saung nepi ka paeheun.
***
Kacaritakeun nu aya di imah Mang Jalil.
Mang Kuswa ngetrokan imah si Cici. Mang Kuswa jeung pamajikanna teu ngartikana éta kajadian. Bari jeung teu nyaho éta Mang Jalil lumpatna kamana. Ditéang ka Situ ku Mang Kuswa, Ki Soléh jeung kunu séjéna téh, tapi da tetep teu ka panggih.
                                                                                    
5 jam kahareup.....
            Cici ceurikna gogowaran, nepi ka jalma-jalma anu ngalaliwat nyalampeurkeun. Pamajikan Mang Kuswa keur ngabaturan si Cici, ngaléahkeun haté jeung pikiranna si Cici.
Mang Kuswa jeung nu séjénna nyobaan néangan ka situ, cik ayeuna mah sugan aya. Mang Kuswa pangheulana lumpat ka situ. Sagala rupa anu aya di saung disingkir-singkirkeun tuluy manéhna noong ka kolongeun saung, ari kitu manéhna pak jenghok kagét. Mang Jalil geus ngagolér eweuh nyawaan dikurungan daun cau.
Mang Kuswa langsung lumpat ka imahna si Cici, manéhna rék méré nyaho yén Mang Jalil téh aya dihandapeun saung.
“Cici... Cici...” Mang Kuswa di jalan mula geus gogorowokan.
“Kunaon Mang Kus, geuning gogorowokan kitu sabari ngos-ngosan?” Ditanya kunu séjén.
“Ituh... Ituh... ituh Mang Jalil, Mang Jalil.” Mang Kuswa ngomongna teu pararuguh.
“Kunaon Mang Jalilna? Dimana? Sing bener nyarita téh.” Ceuk Bi Engkus, manéhna ogé milu bingung.
Mang Kuswa lumpat deui, da inget ka si Cici nu geus pasti nungguan béja ngeunaan salakina. Jalma nu séjénna tungtungna mah miluan lumpat ngudang Mang Kuswa.
Nepi ka imahna si Cici Mang Kuswa ngetrokan panto, “Punten... Punten... Cici... Cici...” Ti jero aya nu ngajawab. “Mangga... Mangga... Mang Kus kumaha aya Kang Jalilna? Geuningan siga nu reuwas pisan katingalina?” si Cici beuki teu puguh rarasaan.
“Mang Jalil Ci, Mang Jalil....” Mang Kuswa ngomongna teu puguh.
“Sadayana sabenerna aya naon sareng Kang Jalil?” Cici ngaluarkeun cai mata, manéhna ceurik deui baé.
“Hayu... milu ka situ enggal!!” Mang Kuswa lumpat balik deui mawa si Cici, pamajikanna jeung nu séjénna.
            Waktu nepi ka situ.
Cici anu nempo kaayaan salakina geus ngagolér kitu téh teu kuat nahan ka sedih, tuluy ngajerit.
“Innalillahi Wainnaillaihi Rojiuun. Ci, Kang Jalil tos teu aya Ci.” Ceuk Bi Engkus bari ceuri nangkeupan si Cici.
“Astagfirullah al’adzim Mang Jalil????????” Ceuk nu séjénna.
“Hayu... Hayu... urang gotong yeuh layon Mang Jalil ka imahna, terus gancang susulan Pa Ustad.” Ceuk Mang Kuswa kanu séjénna.
Warga Desa Padalaksana tuluy ngurusan layon Mang Jalil nepi ka dikurebkeun. Mang Jalil nu maotna anéh teu puguh naon sabab musababna da kapanggih geus ngagolér dihandapeun saung bari ditutupan daun cau.
Si Cici teu ereun-ereun ceurikna, kusabab rasa nyaah anu aya di  haténa si  Cici ka Mang Jalil téh gede pisan, ihlas manéhna bogoh ka Mang Jalil.
***
3 poé kahareup....
Cici ngarasa kaleungitan pisan, sedih nu dirasana terus baé nginget-nginget salakina anu kakara 10 poé hirup jeung manéhna, ayeuna geus eweuh.
Dina hiji peuting, si Cici ngimpi didatangan ku Mang Jalil, salakina. Dina ngimpina, Mang Jalil nyaritakeun ngeunaan kajadian anu geus dialaman ku manéhna téa. Cénah, Mang Jalil kapanggih jeung Ratu Dewi Tamiang anu ngajelma jadi Mang Kuswa peuting éta, nu basa jam 11-an ngajak ka situ. Manéhna harita kagét, nu tadina Mang Kuswa robah jadi awéwé anu geulisna siga bidadari, anu harita dicaritakeun ku si Cici, pamajikanna. Terus manéhna diajak ngobrol ahirna ngarasa poho kana sagalana jiga nu keur di sirep baé. Teu nyaho Mang Jalil téh rék dijadikeun tumbal, disedot geutihna ku Ratu Dewi Tamiang éta. Ratu Dewi Tamiang téh teu tarimaeun, kusabab baheula manéhna ngala tangkal tamiang sambarangan, jeung deui daun tamiangna dilayahkeun.
Si Cici hudang tina saréna, ceurik nyebut-nyebut aran salakina. “Heu... Heu... Heu Kang Jalil... Heu... Heu... Heu... Kang Jalil.” Tarik pisan éta Cici ceurik nepi kadéngé ku tatanggana. Tatanggana nyalampeurkeun tuluy nanya, “Aya naon deui Cici? Mang Jalil tos maot, tos teu aya didieu. Tos ihlaskeun baé.” Ceuk Mang Kuswa ka si Cici.
Tuluy si Cici nyaritakeun naon nu geus karandapan dina ngimpina ka tatanggana nu aya didinya.
“Hah... Astagfirulloh al’adzim. Cici ngimpi kitu?” Mang Kuswa kagét pisan ngadéngé caritaan si Cici.
Saenggeus ka-7 poéna Mang Jalil maot, kaayan di Desa éta béda pisan. Tambah karasa keueung éta situ téh. Ayeuna situ éta jadi misteri warga Desa Padalaksana saenggeus kajadian maotna Mang Jalil.
***

0 komentar:

Posting Komentar